Minggu, 03 Maret 2013

naskah Biantara Basa Sunda kenging HENI SURYANI, S.Pd.


NGARONJATKEUN AJEN BASA JEUNG BUDAYA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr Wb...........................................
Sampurasun...........
Kumaha daramang ? Sumangga sing raos calikna............!

Hadirin hormateun simkuring,
          Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun girang pangajen miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang, tandang midang biantara.
          Bawirasa kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah sepi harti tuna  kabisa, sanggem paripaos téa mah sok sanaos lauk buruk tapi hoyong milu mijah. Boga catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna, taya pulunganeunana. Kakurung suwungna  pangaweruh sudana  pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Ajen Basa jeung Budaya Sunda”.
          Hadirin nu dipihormat, saupami maluruh dina hirup kumbuh, sababaraha tarekah pikeun ngahirup huripkeun kiSunda ti kiwari ka mangsa jaga, sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi ngora seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana basa jeung budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel, moro julang ngaleupaskeun peusing.  Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum, kabita ku asa jeung  jiga.
          Sanes hartosna nonoman Sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana Basa Sunda anu jadi bukti yen basa teh ciciren bangsa.
Naha Basa Sunda ciciren bangsa?  Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler Sunda saupama disarengan ku tetep aya basana.
          Asa melang palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawab teh ti Indonesia”.
Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter Basa Sunda, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa jeung teu walakaya.
          Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit orok borojol. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nonoman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak. Dianggo alat campur gaul nyuprih elmu jeung teknologi. Teu dipake risi sumawona gengsi dina cara-cara ngagunakeunana. Basa Sunda basa ilmiah, leuwih merenah pikeun diolah dijadikeun pangaweruh,  euyeub ku palasifah, atikan didikan, seni, jeung dadasar elmu agama. Hayu urang larapkeun di lingkungan kulawarga sewang-sewangan, di masarakat, di sakola, di kantor, jeung di tempat-tempat sejena, utamana dina dada jelema-jelema nu rumasa jeung ngarasa jadi urang Sunda.
          Hadirin anu ku simkuring dipihormat, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da pamustunganana  mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Cindekna mah urang kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda. Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda janten murid di sakola. Margi sakola teh puseur atikan basa jeung budaya, wariskeuneun ka generasi calon-calon pamingpin bangsa saterusna. Sasieureun-sabeunyeureun nyambung  nyarungsum  nyumbang saran, najan saulas sausap etang-etang nambah euyeub kaayaan.
          Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, neda tawakup anu kasuhun muga jembar hampurana.
Ragi sabeulah di banjar,
diremetkeun duanana,
pamugi Allah ngaganjar,
nyalametkeun sadayana.

Amit mungkur amit mundur. Wassalamu’alaikum wr.wb...........Cag ah......!!

smpn 2 cimalaka

Tidak ada komentar:

Posting Komentar