Kamis, 20 Maret 2014

LAGU JEUNG RUMPAKA



Kunaon hate nyeredet
nguping lagu bet kasuat-suat
rasa dianteurkeun mulang
nineung ngangajak diteang

Naon hartos kaendahan jungjunan........
mun urang jadi nu lian
naon hartos kasatiaan jungjunan.........
mun urang reuntas di jalan
kedah pasrah pipisahan

Najan leres rasa teh sulur duriat
nu karaos kalahka nambihan tibelat
najan leres asih teh moal kasilih
nu karaos peurahna nambihahan peurih

Rek mulang da lain balik
lahlahan geus takdir milik
rek wakca da lain hakna
carita teu boga mangsa

Kantun lagu jeung rumpaka
liliwatan kana rasa
kantun kecap sambung du'a
sing bagja salalamina jungjunan............


Kampus Kuring 21 Maret 2014


Tidak ada komentar:

Posting Komentar